Kasebut
dina Babad carita Pajagan (Pangjagaan) ngeunaan salah sawios tokoh anu
katelah SangHyang Ambu/Eyang Ambu, mantena rayi Mbah Gede/Ki Ajar Gede
(Prabu Layang Dikusumah) ti Pajajaran nu ngiring sareng rombongan 4
Kandaga Lante basa masrahkeun Makuta ka Sumedang, Eyang Ambu pribadi
jenengan aselina: Nyi Mas Mayang Kusumah, kacarioskeun anjeunna masih
parawan kapalang basa kedah lunta ti Pajajaran ngiring sareng ingkang
raka oge rombongan 4 Kandaga Lante alatan nagara burak, Pajajaran
runtag, ari jalan anu ditempuh ku rombongan malibir mapay sisi basisir
laut kidul awalna ti wilayah Jampang kulon tempat panungtungan Prabu
Silihwangi (Prabu Nila Kendra) lungsur uga wangsit, tapak tilasna ayeuna
jadi Jalan lintas Selatan ti Pandeglang (Karaton Pulo Sari baheula) ka
Jampang - Ranca Buaya - Garut parat ka Batu Karas, malibir ka pasisian
kidul sasat ngahaja nyingkahan pasukan musuh nu harita ngarurug nagara
(gabungan Demak - Cirebon - Surasowan Banten) maksad bade nepangan salah
sawios sesepuh Pajajaran anu mukim di Limbangan nyatana Sunan
Rumenggong (Prabu Layaran Wangi/Bujangga Manik) anu dipancenan
ngadegkeun nagara KARTA RAHAYU (nagara Darurat), 4 Kandaga Lante maksad
nyungkeun kamandang saran bongbolongan bubuhan keresa Sunan Rumenggong
hiji sesepuh nu jembar luang pangalamannana, nya di dinya cariosna gelar
sawala anu hasilna mufakat para sesepuh nyatujuan Makuta dipasrahkeun
ka Sumedang najan teu saeutik anu teu saluyu tur ngaragukeun kana
kasanggupan Sumedang geusan neruskeun tongkat estapet KAJAYAAN
PAJAJARAN, tapi bahasa para sesepuh : "Nya ulah wara ngilo ka pageto anu can katenjo jeung kaalaman, urang bandungan bae kumaha geletuk batuna kecebur caina" (pantes ayeuna Sumedang ngalaman ngecebur cai ku ayana bendungan Jati Gede, tur Geletuk Batu ku tambang batu/keusik di Tampomas ditambak ku proyek tol Cisendawu)
Cariosna
di Limbangan Nyimas Mayang Kusumah tepang sareng saurang jajaka turunan
Sri Batari Hyang ti Galunggung, duanana papada katarik geter simpati
abong papada keur meujeuhna sengserang panon, sahingga eta jajaka
ngiring sareng rombongan ka Sumedang, ku sabab perwatekna eta jajaka nu
teuneung ludeung, leber wawanen tur parigel dina olah kanuragan sahingga
digelaran KADIRAN (wanian), nalika Patih Jaya Perkosa dipaparinan
pancen masrahkeun serat talaq Ratu Harisbaya ka Pangeran Giri Laya
Cirebon, Patih Jaya Perkosa ngatur siasat keur ngajaga sagala
kamungkinan, diantarana nyusun pasukan anu dipingpin ku Eyang Terong
peot, Eyang Nangganan sareng Eyang Wirajaya di wewengkon Tomo bisi
Cirebo malik ngarurug Sumedang, salian ti eta Patih Jaya Perkosa
ngayakeun Barisan Pangjagaan ku nyiapkeun Pasukan di wilayah Pajagan
kanggo ngamankeun Eyang Gusti Sunan Pada (mertua Prb.Geusan Ulun) anu
asalna mangkuk di makam Waru - Karedok diamankeun ka tonggoh ka wilayah
anu disebat PAGER AGEUNG sagedeng Gunung Cangkuang - Kendal sareng
Gunung Jayagung.
Ieu Barisan Pangjagaan dijieun 3 Lapis:
1. Pageur Ageung (Pangjagaan) dipingpin ku Ki Ajar Gede (Prabu Layang Dikusumah) salaku Panglima Jurit (Komandan Kompi). Eyang Kadiran salaku Hulu Jurit (Komandan regu) didamping ku SangHyang Ambu anu harita tos janten garwana. Eyang Perbu ditugaskeun di Kendal, Buyut Purugul di Gunung Cangkuang, Eyang Kaula Jaya Kula Maya di Cipipisan tur Embah Suba di Gubrul.
1. Pageur Ageung (Pangjagaan) dipingpin ku Ki Ajar Gede (Prabu Layang Dikusumah) salaku Panglima Jurit (Komandan Kompi). Eyang Kadiran salaku Hulu Jurit (Komandan regu) didamping ku SangHyang Ambu anu harita tos janten garwana. Eyang Perbu ditugaskeun di Kendal, Buyut Purugul di Gunung Cangkuang, Eyang Kaula Jaya Kula Maya di Cipipisan tur Embah Suba di Gubrul.
2. Jami Bakih (Cilopang) dipingpin ku Embah Sacadinanga, Buyut Kalong jeung rengrengannana.
3. Pager Rucukan (Situraja) dipingpin ku Buyut Merah jeung rengrengannana.