Kacaritakeun, Gunung Gedé anu aya di
Sumedang ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina
puncakna kaluar haseup campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék
bitu. Rahayat Kabupatén Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha
balukarna lamun éta Gunung Gedé bener-bener bitu?
Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara towéksana
ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan gé anjeunna
parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras ngémutan sangkan
bisa nyalametkeun rahayatna.
Ku pangjurung kanyaah ka rahayat téa, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja
mujasmédi neda pituduh ti paradéwa. Susuganan ku jalan kitu, anjeunna tiasa
mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna.
Ku cengeng-cengengna nu mangadep, alhamdulillah, maksad Kangjeng Bupati
tinekanan. Dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpén kasumpingan hiji aki-aki.
Éta aki-aki anu nganggo anggoan sing sarwa bodas téh, pok sasauran anca pisan,
“Putu Éyang anu kasép, Éyang geus terang kumaha kabingung hidep. Éyang hayang
mantuan sangkan rahayat hidep bisa leupas tina kahariwangna. Éta gunung kudu
ditumbal ku keris pusaka kagungan putra dalem anu dijieun tina emas. Poma hidep
ulah deuk ngorétkeun. Tah, sakitu baé ti Éyang.”
Sabada sasauran kitu, éta aki-aki téh les baé leungit tina impénan Kangjeng
Bupati. Satampina éta ilapat, énggal baé Kangjeng Bupati kaluar ti kamar sarta
teras nyandak keris pusaka.
Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung Gedé. Rurusuhan da sieun bitu
mantén. Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati angkat ka
puncak gunung mah, teu tégaeun ngantep. Bring baé naluturkeun.
Sadugina ka puncak Gunung Gedé, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan lung baé éta
keris téh dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun téh ngan bati
colohok, da éta keris téh éstu kageugeut pisan Kangjeng Bupati. Barang éta
keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu ngaguruh pikakeueungeun téh
jempé. Lini anu geus lila karasa, harita mah teu karasa naon-naon. Sabada
leungit kagétna, timbul kabungah rahayat téh. Ger baé surak bakat ku atoh, sarta
tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun. Sakabéh rahayat
ngaikrarkeun seja satia-satuhu ka anu ngaheuyeuk dayeuh.
Éta maksud kasatiaan rahayat téh ku Kangjeng Bupati ditampi kalayan dareuda,
bakat ku bingah. Bingah manahna lantaran bisa nyingkahkeun balai, bingah
lantaran bisa nyalametkeun rahayatna.
Tah, nya ti harita pisan éta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu saterusna
robah jadi Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu pikasieuneun, malah mun pareng poé
peré mah sok rajeun dijarugjugan nepi ka puncakna.